PABALIUT


Kuring bogoh ka Entin
Entin bogoh ka Rustam
Rustam bogoh ka Oneng
Oneng bogoh ka Darman

Darman bogoh ka Acah
Acah bogoh ka Unang
Unang bogoh ka Edoh
Edoh bogoh ka Dayat

Dirasa rasa
Beuki karasa
Dipikir pikir
Beuki kapikir
Bumi alam bumi alam asa nguir
Mikiran cinta jadi panas gulicir

Dirasa rasa
Beuki karasa
Dipikir pikir
Beuki kapikir
Nu di cinta balik nu di jiga bacir

(Tungtungna mah aral bulu irung we….)

Dayat bogoh ka Mumun
Mumun bogoh ka Edeng
Edeng bogoh Ecin
Ecin bogoh ka Oyo

Oyo bogoh ka Epon
Epon bogoh ka Kurdi
Kurdi bogoh ka Embe
Embe bogoh ka Kuring

Related Posts :

  • MOBIL BUTUTMobil butut kaluaran baheulaSajaman jeung bedil sundut haritaAyeunamah mobil butut geus carangNambangan ge di kota ge geus di larangDut duru… Read More...
  • DURIATDina hate kuring anjeun cicingDina hate anjeun kuring cicingBener-bener henteu bisa ngejatDibeungkeut ku tali duriatSanajan loba nu daratang… Read More...
  • ASIH URANG CINTA URANGAsih urang di apungkeun ka langitMuntang kana megaUcang angge duaanAsih urang di apungkeun ka langitMeungkeut dina bulanAyang-ayangan duaanA… Read More...
  • BENTANG CILAMPUYANGTeu disangka ti tadinaDi lembur jauh ka kotaGeuning aya bentang ragragMawa bungah kana rasaRasa bungah nu haritaDibarengan rasa cintaCinta n… Read More...
  • DUKA TEUINGDuka teuing kunaon mun nempo anu demplon teu bisa miceun panon sok hayang geura lelesonDuka teuing kunaon Meuni bun ceuli panon noong anu ke… Read More...

0 Response to "PABALIUT"

Post a Comment