TONG DICEUNGCEURIKAN


Panas nu sakieu mentrang
Sugan teh moal rek hujan
Sono bogoh anu urang
Geuningan teu bisa manjang
Asa dina pangimpian
Urang jadi pipisahan
Kadeudeuh nu nyangreud pageuh
Kiwari talina udar
Urang teu bisa embung
Najan ka gandrung sagunung
Urang teu bisa nolak
Najan duriat sajagat
Urang lir ibarat wayang
Usik malik na ku dalang
Anu teu wasa teu weunang
Beureum hideung kumaha dalang
Apan hirup ngalakon
Saperti dina sinetron
Caritana kedah pisah
Nya hamo bisa dipondah
Urang teu bisa embung
Najan laput rasa gandrung
Urang teu bisa nolak
Najan limpas ku ka beurat
Tarimakeun janten rangda
Akang pasrah jadi duda
Najan pait bari peuheur
Teu bisa di kumahakeun
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan

Takdir teu beunang dipungkir
Kadar teu bisa di singlar
Najan pada pada beurat
Meureun gurat keudah peugat
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Wayahna cing tumarima
Urang teu bisa kumah
Teu bisa kumaha

Related Posts :

  • DUKA TEUINGDuka teuing kunaon mun nempo anu demplon teu bisa miceun panon sok hayang geura lelesonDuka teuing kunaon Meuni bun ceuli panon noong anu ke… Read More...
  • PABALIUTKuring bogoh ka EntinEntin bogoh ka RustamRustam bogoh ka OnengOneng bogoh ka DarmanDarman bogoh ka AcahAcah bogoh ka UnangUnang bogoh ka Ed… Read More...
  • CINTACinta lir ibarat kalangkangDeukeut anggang bisa diatur ku urangCinta bisa ilang jeung nembonganRepok jodo akhirna datang sorangan(aduh aduh … Read More...
  • BENTANG CILAMPUYANGTeu disangka ti tadinaDi lembur jauh ka kotaGeuning aya bentang ragragMawa bungah kana rasaRasa bungah nu haritaDibarengan rasa cintaCinta n… Read More...
  • MOBIL BUTUTMobil butut kaluaran baheulaSajaman jeung bedil sundut haritaAyeunamah mobil butut geus carangNambangan ge di kota ge geus di larangDut duru… Read More...

0 Response to "TONG DICEUNGCEURIKAN"

Post a Comment